TITIPAN TI KANG PAY

prolog: duka naon judulna teh,,,tapi meren "pependak sareng mantan harim cenah mah… terus CLBK….hehehe"
—————————————————————
Ngan ukur sababaraha kali tepung jeung manehna
tapi ieu rasa terus nyantel dina ati
nyulusup kana sanubari, nambru dina qalbu
imut anjeun, someahna anjeun, sorot soca anjeun,
malah kiceup anjeun oge masih kaitung,
ngalangkang dina cengcelang mata
tiap usik, tiap malik, tiap kiceup, tiap renghapan
baheula kungsi boga rasa nu teu jauh beda
anjeun ngingetkeun ka cinta nu munggaran
nu geus lila jadi taneuh jadi lebu
nu geus lila dikubur di pajaratan katineung urang duaan handapeun
tangkal saliara
ayeuna rasa ieu rek datang deui
ngaririwaan tiap detik, tiap menit
tapi kuring tetep jadi tutunggul,
tetep jadi batu teu wani ingkah ti tempatna
rumasa ieu raga geus dibikeun kanu lian
———————————————————————————
epilog: tiditu namah setia da kang pay mah :-* kanggo kang Pay ceolang…
Coment: eta basa sunad matak rahet manah…nyeredet asa kasilet…
Jadi emut, hiks222……

2 Responses to “TITIPAN TI KANG PAY”

  1. Desfari Says:

    Deuh kang pay…
    :((

    Sami neng…
    naha asa raheut manah nyeredet hate

    tos ah bade ka cai heula nyusut ci soca :((

  2. warsa Says:

    sae…sajakna..
    sajak mah kedah dibales deui kusajak.

    Cipanon ngalembereh mapay pipi
    kanyaah kadeudeuh geus suci

    tuh…talaga perbawati
    lautan cimata nujadi saksi

    tuh… samudera perbawati
    lautan carita waktu urang ngahiji.

    tuh…perbawati…perbawati..
    talaga asmara surti
    waktu hujan cipanon maseuhan ati

    tuh…talaga perbawati
    kumpulan para bidadari
    kumpulan para putri
    waktu janji pasini
    hiji tanda nu teu pasti…

    tuh…angin kasurti
    angin nu mawa harti
    dina tangkal caringin nu ngajati…

    Hatur Nuhun, Tukang Dongeng, Sukabumi 2007

Leave a Reply